Naskah Upacara Pelepasan Siswa Kelas XII - Neni Triani

Naskah Upacara Pelepasan Siswa Kelas XII

Sudah menjadi kebiasaan di sekolah kami ketika pelepasan siswa kelas XII selalu diadakan upacara adat sunda. 

Namun kali ini karena ada masukan dari beberapa rekan guru ada beberapa bagian yang dihilangkan dan ditambah dalam prosesinya.

Kali ini nyaris tidak ada kawih sunda dalam rangkaian prosesinya, sholawat menjadi penggantinya.
Tabuhan alat musik marawis sebagai pengganti irama kendang mendominasi setiap gerakan para penari umbul-umbul, payung, apsari dan lengser. 




Naskah berikut ini dimodifikasi dari beberapa sumber:


Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh


Embara ka balarea, bewara kanu araya.
Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih
Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Kemis 3 Mei 2018.
Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay tineung kelas XII MAN 6 TASIKMALAYA.
Sim kuring saparakanca ti Sanggar Seni MAN 6 TASIKMALAYA, 
Seja ngiring aub jabung tumalapung sasieureun sabeunyeureun ngiring icikibung.

  PROSESI PATURAY TINEUNG DIKAWITAN
* Musik Bubuka (Gamelan + Marawis)

* Marawis dengan sholawat Sholatun Bissalam

* Lengser lebet diiringi marawis shalawat Assalamualaika

* Umbul-umbul makalangan dipirig Gending
* Payung makalangan disarengan ku marawis shalawat Ya Rahmaan
 

 
 

* Tari dipirig gending
* Ngaleut Lebet (Payung, Umbul-umbul, Penari ngiringkeun panganten  wawakil kelas dua belas) dipirig gending
Narator :
Ka bapa miwah Ibu pupuhu girang pangatik MAN 6 TASIKMALAYA  dihaturanan kapayun.

* SUNGKEM
Narator:
KASEP, GEULIS … SUMANGGA SUNGKEM KA BAPA KALIH KA IBU, KEDALKEUN NAON ANU DISEJA PUNDUT DO’ANA SANGKAN HIDEP PINANGIH JEUNG KABAGJAAN DUNYA RAWUH AKHERAT.

Narasi sungkeman :
Bapa   :

Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa  guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-tulang kahayang nu bakal datang

Anak :

Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjang-apunjung salamina.

Ibu :

Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas,  ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. Moal rela lamun hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti Madrasah Aliyah.



Anak :

Duh,   bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten abdi.

Bapa :

Duh … Anaking, geulis jeung kasep,  wanci ieu harepan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja
Pileuleuyan hidep pileuleuyan …

(Selesai sungkem, Bapak Kepala Madrasah menyerahkan Ijazah kepada siswa) 

Narator :

Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan
Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay
Nu dikantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.
Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a
Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu
Mugia pinanggih bagja, bral geura miang
Geura tandang makalangan

*  Tabur bunga diiringi marawis shalawat Ya Asyiqol Musthofa



*  Panutup ( Gending + Marawis)
Narator :
MUNG SAKITU NU KAPIHATUR PIDANGAN RUNTUYAN ACARA MIANGKEUN KELAS DUA BELAS MAN 6 TASIKMALAYA  TAUN AJARAN 2017/2018 HATUR NUHUN KANA PERHATOSANANA, BOBOT SAPANON CARANG SAPAKAN MUGIA JANTEN MAK’LUM TINA KAKIRANGANANA SIHAPUNTEN KANA KALEPATANANA.
WASSALAMU’ALLAIKUM WR.WB.




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Naskah Upacara Pelepasan Siswa Kelas XII "

Post a Comment

Terima kasih atas kunjungannya..