NENG ILA UJIAN - Neni Triani

NENG ILA UJIAN

Teu karasa poe Saptu ayeuna teh mangrupakeun poe lekasan Neng Ila milu UM, UAMBN jeung USBN. “Waktunya tinggal 30 menit lagi!” pengawas mere iber sesa waktu pikeun ngajawab soal ujian. “Deg!” asa aya nu nonjok kana angen. Rek teu ngajedag kana angen kumaha da harita teh tina 50 soal acan parat dieusian kabeh. Pilihan ganda tina 45 kakara dieusian 37 nomer, Essay tina 5 nomer kakara 3 nu dieusian teh kitu oge teu yakin bener jeung salahna. Rajeun aya nu dieusian eta ge meunang nembak susuganan we jawabanana meneran.
Ret manehna ka katuhu jeung ka kenca, babaturanana keur aranteng ngabuleudan jawaban dina pilihan ganda jeung ngagutrut ngeusian essey katempona teh jiga nu gampang pisan. Puguh we Neng Ila hatena beuki tagiwur, sok inggis soal nu ngajagrag hareupeunana teu bisa kajawab kabeh.
“Hanjakal tadi peuting maca buku pelajaran teh ngan saliwat, coba lamun teu sagala di "kebut semalam" meureun moal kasiksa kieu” gerentesna. Tadina mah Neng Ila teh boga angkeuhan pasti bisa ngeusian da biasana oge lamun ulangan harian teh pelajaran SKI mah pasti kajawab atuh sok gede wae hasilna. Pelajaran SKI teh kapan pelajaran kameumeutna.
“Pokona mah target nilai 90 kudu kahontal” tekadna dina hate. “Tapi lamun kieu carana asa pamohalan, da teu yakin kana jawabanana” gerentes Neng Ila bari meureumkeun panonna sangkan bisa konsentrasi nginget-nginget materi nu geus paham jeung geus dibaca samemehna. Tapi keukeuh teu aya nu inget sama sakali alias ngableng we rajeun aya nu inget ngan saukur ngolebat nu ahirna asa-asa.
“Neng nambut pamupus!” ti beulah kenca aya nu ngaharewos. “Kasempetan yeuh!” Neng Ila atoh aya nu ngagentraan teh. Ret Neng Ila ngalieuk, song manehna ngasongkeun pamupus ka Opik. Bari ngasongkeun pamupus teh manehna mere isarat ka Opik ku ngacungkeun ramona 3 jeung 8 nu hartina nomer 38 terus 4 jeung 3 nu hartina nomer 43, Opik surti pek manehna oge mere jawaban ka Neng Ila ku ngacungkeun 3 ramona nu hartina jawabanana teh C jeung 2 nu hartina jawabanana B. “Yes, lumayan yeuh!” Neng Ila bungah meunang jawaban ti babaturanana teh
.
“Waktunya tinggal 20 menit lagi. Silahkan cek kembali biodata kalian!” pengawas ngingetan deui. “Salapan nomer deui nu acan kaeusian” Neng Ila ngitung soal nu acan dijawab. Sesa pilihan ganda nu acan kaeusian tingal genep nomer deui. Ras manehna inget guruna pernah babalagonjangan di kelas cenah lamun bener-bener geus mentok teu bisa ngajawab mah daripada ngaganggu batur tingali we pilihan jawaban nu pang panjangna, tah eta we nu dipilih teh. “Ah, enya rek dipraktekeun daripada ngaganggu batur mah” gerentesna bari rada teu yakin oge kana pilihanana sok sieun jawabanana teu meneran. Meunang 3 nomer Neng Ila ngajawab soal ku cara ditingali pilihan jawaban nu pangpanjangna teh.
Pilihan ganda tilu nomer deui. Jalan pintas iwal ti milang kancing ngarah tereh. Sugan we meneran jawabanana. Pek Neng Ila milang kancing pikeun nangtukeun jawaban anu samasakali teu bisa dijawab. Ah, dasar Neng Ila aya-aya wae...
Ret Neng Ila ka pengawas nu keur anteng maca buku, belengeh imut. “Jurus pamungkas kudu dikaluarkeun” gerentesna da geus teu mungkin menta jawaban ka babaturanana. Sawareh babaturanana geus aya nu kaluar ruangan ujian. Tingal 5 urang deui jeung manehna nu masih aya di jero kelas.
Gap kana wadah patlot pek dibuka seletingna. Kusiwel Neng Ila ngaluarkeun rangkuman nu ngahaja dijieun tadi peuting nu maksudna mah ngarah gampang ngapalkeun lain jang tironeun. Ditilepkeun jiga kipas.Ngahaja tulisanana dilaleutikeun ngarah dina kertas salambar teh cukup pikeun ngarangkum sababaraha materi.
Bray rangkuman teh dibuka tapi teu dikaluarkeun tina wadah patlot, ati-ati pisan bisi ka tohyan ku babaturanana jeung ku pengawas. Pek dititenan pikeun neangan jawaban nu pas jeung soal. Sanggeus kapanggih geuwat dipindahkeun kana lembar jawaban. Kabeneran jawabanana araya kabeh, puguh we bungah kacida. Ahirna beres oge Neng Ila ngajawab soal teh.
Neng Ila teu sadar waktu manehna keur anteng mindahkeun jawaban tina rangkuman kana lembar jawaban, pengawas nu ti tadi anteng maca teh melongkeun ti hareup tayohna mah terus rasa aya peserta nu curaling.
Ngan untungna pengawas teh teu lemek teu nyarek ngan saukur neuteup seukeut. Tapi karasana ku Neng Ila mah teuteup pengawas teh asa nyarekan laklak dasar, nganaha-naha ka manehna. Luk Neng Ila tungkul pasrah sumerah kana sangsi nu pasti bakal ditibankeun ka dirina. Teu kawawa ku rasa hanjakal, era jeung sieun cimata teu kaampeuh nyurudcud tina kongkolak panonna. Gura-giru disusut ku tungtung tiungna. Bisi katohyan ku pengawas jeung babaturanana.
Sok sanajan pengawas teh geuning teu kumaonam, tapi Neng Ila yakin tina teuteup seukeut pengawas tadi teh aya harti nu ku manehna katangkep nu ngan ukur manehna nu apal. Ti semet poe eta Neng Ila jangji moal rek sakali-kali deui curaling tapi rek diajar soson-soson ngarah teu kabongroy niron. Nu ahirna manehna cilaka ku polah sorangan. Oge manehna moal rek nganggap enteng kana pelajaran naon wae oge.
Cag!
#eNTe
#25032017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NENG ILA UJIAN"

Post a Comment

Terima kasih atas kunjungannya..