Neng Ila ka AP (Asia Plaza) Tasik - Neni Triani

Neng Ila ka AP (Asia Plaza) Tasik


                06.30 WIB Neng Ila geus saged make pakean setelan kaluhurna tunik semet tuur warna dasar kayas motif kembang ros laleutik, kahandapna calana panjang model jogger warna kopi susu. Rap make tiung warna kayas sawarna jeung tunik nu dipakena, terus gulak gilek hareupeun eunteung teu poho muterkeun awakna ngarah sidik tukang jeung hareupna tayohna mah. “Perpect, maniss!” cenah bari belengeh imut.
                Neng Ila poe ieu aya niat rek ulin ka Mall Asia Plaza nu kawentar pada nyarebut AP  perenahna aya di kota Tasikmalaya. Kabeneran keur libur sakola. Inditna nyorangan bae, ngarah bebas ngubek AP ceuk pikirna teh.

                Samemeh miang, teu poho bebeja heula ka indungna yen poe eta rek ka AP aya buku pesereun cenah pokna ka indungna teh. Ku indungna Neng Ila dipapadonan sangkan ati-ati salila ulin teh ma’lum keur usum penculikan jeung mulangna ulah sore teuing bisi kahujanan di jalan da kabeneran deuih usum hujan anu turunna meh unggal sore. Neng Ila ngabandungan papatah indungna kalawan saregep.
                Beres sasarap, Neng Ila sup deui ka kamarna nyokot kantong kameumeutna paragi jalan-jalan warna kopi susu, pek di solendangkeun dina taktak beulah katuhu.
                “Neng enggalan  itu elf tos ngantosan di payun!” indungna ngagorowok ti hareup. Gura giru Neng Ila nyampeurkeun ka indungna bari sasalaman bari ngok dicium.
                “ Mbu, Ila mios nya! Assalamualaikum” Neng Ila bebeja ka indungna. “Waalaikumsalam, kade nya geulis ati-ati di jalan!” indungna mapadonan deui. Neng Ila unggeuk mastikeun yen papatah indungna teh rek diestokeun pisan, beretek lumpat muru elf nu geus ngabagug sisi jalan nungguan manehna. Tayohna mah indungna ngahaja pangmegatkeun.
                Clak naek kana elf, gek diuk dina jok tukangeun supir. Kahayangna mah di gigireun supir ngan geus kapiheulaan ku panumpang sejen nu geus naek tiheula.
                Salila diperjalanan HP Android merk Oppo kaluaran panganyarna teu lesot tina leungeunna katembongna teh meuemeut kacida kana HPna teh, teu meumeut kumaha atuda meuli HP eta teh sasatna meunang meurih ceuk paribasana mah. Pek manehna nulis status dina BBMna “OTW AP dulu” kitu unina teh. Status Facebook oge teu kaliwat di update “OTW AP, sendiri ajah! Mumpung libur”. Dina  IG moal poho manehna ngapload foto nu panganyarna, tadi memeh kaluar ti imah nyempetkeun selfi heula bari imut. Pek fotona teh di caption-an “Nge-Pink cantiik...Mau nge-Mall dulu!” Geus update di medsos mah reugreug jigana teh.
                Teu karasa sajam satengah teh ari bari nyoo HP mah, anjog oge ka Cisumur. Neng Ila turun tuturubun da kabeneran geuning loba oge nu turun. Clak numpak angkot nu ka kotakeun, harita oge diuk teh tukangeun supir deui wae.
                Sajeroning dina angkot teh Neng Ila umat imut we gawena teh. Rek teu kitu kumaha atuda ti barang jrut turun tina elf tadi unggal jelema nu tepung jeung manehna pasti ngajak seuri jiga nu kayungyuneun ku Neng Ila. Ceuk pikirna teh “pasti ieu gara-gara dangdanan nu perpect  tadi, kapan tadi ge basa rek indit sababaraha kali ngaca bakat ku resep ningali hasilna.”
                Neng Ila beuki percaya diri, manehna masang pasemon marahmay tandaning bungah bungangang loba nu resepeun ka manehna. Tapi aya rasa nu ngarobeda oge kana hatena, asa biasa da dangdanan jiga kieu teh lain kakara ayeuna wae. Kunaon nya? Aya naon nya? Boa-boa aya nu salah? Ah...Emang gue pikirin! Keur alus we meureun poena, ceuk pikirna.
                AP turun Mang! pokna ka supir. Kusiwel ngaluarkeun duit tina saku calana Joggerna da tadi ceuk indungna kudu dipisahkeun duit jang ongkos teh. Jrut turun tina angkot, song mikeun ongkos tina jandela kencaeun supir. Teu poho memeh turun tadi manehna maledogkeun imut ka panumpang nu masih aya dina jero angkot.
                Sup ka jero Mall AP teh kabeneran geus rame da harita kabeneran aya pameran buku. “Alhamdulilah, kabeneran yeuh aya pameran buku pasti aya diskonan”  gerentes Neng Ila. Teu talangke buru-buru neangan buku nu dipikabutuh, meunang 5 judul buku. Lumayan jang nambah-nambah referensi salian buku nu aya di perpustakaan sakola. Ras manehna inget ceuk guruna kudu neangan buku kumpulan soal nyanghareupan Ujian Akhir Sakola. Neng Ila teh kapanan kelas XII Aliyah sakolana teh. Teu hese neanganana da puguh keur usumna ujian, buku-buku kumpulan soal teh ngajajar dina rak.
                Ngantri oge di Kassa teh, antrian ka 9 diitung teh. Di gigireun Neng Ila aya jajaka nu saumuran jeung manehna nu sarua keur ngantri tapi beda Kassa. Eta jajaka teh ceuk Neng Ila mah dedeg sampe rupa hade, matak teu kesel ngantri teh da di gigireun aya nu herang. Jaba ti tatadi teh sura seuri wae ka Neng Ila, atuh puguh we matak samar rasa samar rampa.
Neng Ila jadi salting ahirna mah. Matak imut mautna dikaluarkeun satakerna harita teh, sugan we nu kasep teh ka irut terus ngajak kenalan tukeuran nomer WA, berteman di FB, BBM-an, silih komentar dina IG. Iiih...kan resep tah! Tuuh.. geuning jiga nu rek ngomong. Sok atuh bade naros naon ka abdi teh? hatena noroweco.
Leuh...ku harianeun giliran babayar nu kasep teh. Beres babayar nu kasep teh ngalieuk ka Neng Ila. Nyeh imut bari nunjuk ka Neng Ila, atuh puguh we nu ditunjuk teh tagiwur teu puguh rasa. Neng Ila unggeuk tandaning surti kana panunjuk nu kasep tea.
Giliran Neng Ila babayar. “Dua ratus lima puluh rebu rupia” ceuk kasir. “Muhun” Neng Ila unggeuk. Geup kana kantong kameumeutna tea terus rada di hareupkeun rek nyokot loket di jeroeun kantong. Tapi barang ret kana seleting kantongna henteu we manehna ngoceak bakating ku reuwas jeung era pangpangna mah.
Gustiii...horeng ieu geuning ulon-ulonna teh. Nya paingan atuh unggal nu pasanggrok jeung jelema teh ngan sura seuri jeung umat imut wae. Sugan teh bener we kayungyun ku penampilan. Jeung eta tadi nu kasep kalah tutunjuk sagala sugan teh rek ngajak kenalan hanas geus gede rasa bakal boga kenalan nu kasep.
Kaos kaki bodas hideung heg seuseuheun ngait kana gesper kantong kameumeut geuningan nu jadi bentang poe ieu teh, lain dangdanan kuring nu nge-pink, perpect jeung manis. Tayohna mah tadi basa rek inditkeun mawa sendal tina rak sapatu kaos kaki kasebelan teh kakait ku gesper. Nya tuluy we mimilu nepi ka AP.
“Neng, kumaha bade cios dipeser bukuna?” Kasir ngagareuwahkeun sawangan Neng Ila. “Kantenan we Teh” jawabna bari geuwat ngaleupaskeun kaos kaki tina kakait gesper. Sup diasukkeun kana jero kantongna. Kusiwel ngaluarkeun loket terus mayar buku. Da ari kahayangna mah dialungkeun tah kaos kaki bau teh. Geus beres babayar jeung bukuna kabawa mah teu sirikna lumpat Neng Ila kaluar ti Mall AP hayang gura giru balik, teu kuat eraaaa...komo kunu kasep tadi mah.
Cag ah...


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Neng Ila ka AP (Asia Plaza) Tasik"

Post a Comment

Terima kasih atas kunjungannya..