Carita Pondok : PAT Bahasa Arab - Neni Triani

Carita Pondok : PAT Bahasa Arab

 


Sapeupeuting guligah rek nyanghareupan poe isukan. Poe kaopat Penilaian Akhir Tahun (PAT) isukan teh. Jam kahiji Biologi, rarasaan mah asa rek bisa ngajawab soal nu dibikeun ku guru. Da bubuhan  milih jurusan IPA kapanan,  tangtu mata pelajaran nu aya sangkut pautna jeung Ilmu Pengetahuan Alam nu diantarana Biologi kudu bener-bener paham.

Nu jadi lantaran guligah teh taya lian ti nyanghareupan jam kadua nyaeta Bahasa Arab. Duka kunaon sok asa matak jangar kana sirah teh. Ningali hurufna pangpangna mah sok komo bari teu aya harakatan mah.

Buku catetan jeung buku paket Bahasa Arab sagencelna dibulak-balik, dibaca, ditengetan eusina. Susuganan aya nu nerap.

Heg geus jangji ka guru Bahasa Arab rek ningkatkeun nilai nu bajred disemester ganjil.

Isukan bener we soal Biologi teh asa ku gampang ngajawabna. Malah mah tina waktu nu disadiakeun teh nyesa keneh kana 30 menitan deui.

Kaluar ti ruangan oge pangheulana. Ku pengawas oge di titah kaluar we da keseleun jigana nempo kuring teu daek cicing matak ngaganggu ka babaturan nu lian. Kaluar ti ruangan teh bet ngadadak mules, sagala karasa.

Duh, ieu mah gara-gara rek nyanghareupan Bahasa Arab tea jigana mah.  Hayang ka cai asa ku hoream, sieun ngantri. Ah... Meungpeung lila keneh rek ka Pom bensin we ka caina sakalian jajan, da karasa lapar.

Biur we kaluar sakola bari samemehna kudu nyanghareupan heula Satpam nu nya rek ulah kaluar. Tapi kuring mereka alesan nu asup akal nyaeta hayang kabeuratan tapi WCna ngantri.

Nepi ka POM teh langsung asup ka WC. Tapi da memang mulesna bakat ku geumpeur rek nyanghareupan soal Bahasa Arab jadi euweuh nu kaluar, ngan ukur ngusial wungkul.

Inget papatah guru SD baheula cenah lamun nyeri beuteung teg kudu nginum cipanas. Kabeneran digigireun POM bensin aya warung sangu. Kuring menta cai panas ka ibu warung. Alhamdulillah, digratiskeun. Lumayan rada teu mules teuing.

09.15, geus waktuna asup jam kadua.  Kumaha ieu teh? Kalah beuki teu puguh rasa. Dina pikiran teh langsung ngolebat rek ngeusian di warung we. Ngarah bisa bari muka catetan.

Astaghfirullah.... Untung kuring dibere sadar yen lampah kitu teh salah kacida.  Gilig rek disanghareupan we kumaha engke we nilaina mah, da diajar enggeus. Kapanan cenah proses mah moal hianat, hasil pasti nuturkeun.

Clak kana motor, telat geus pasti. Keun da bongan saha goreng gawe. Mudah-mudahan mah pengawasna bageur. Satengah perjalanan, ujug-ujug motor teh teu bisa maju. Di tingali teh bensinna kosong. Aya-aya wae. Geuning teu jaga-jaga teuing nya balesan jang niat goreng teh.

Hatur nuhun, Gusti. Abdi dipasihan emut. Moal rek sakali-kali deui goreng gawe.

Sok sanajan kudu ngadorong motor nu lumayan jauh. Ahirna mah manggih POM mini, menta dieusi dua liter.

Karasa dina saku calana HP ngageter. Di tingali teh singhoreng Cindi babaturan kuring nelepun ngabejaan yen pengawas nanyakeun kuring. Kuring menta tulung pangwartoskeun yen kuring seepeun bensin ayeuna bade ka sakola.

Barang nepi ka sakola, kuring langsung ka ruangan tempat kuring ujian. Bener we pengawas ngadagoan kuring. Kuring sasadu menta di hampura geus telat asup ruangan, terus menta ijin sangkan bisa milu ujian.

Pengawas mere  ijin pikeun kuring milu ujian tapi moal mereka tambahan waktu. Kuring nyanggupan da memang kasalahan kuring.

Bismillah... Kuring fokus ngajawab soal nu bikeun ku cara online. Alhamdulillah... Beres oge. Ari disanghareupan mah teu burung bisa geuning. Keun masalah hasil mah kumaha engke we. Lamun nilaina kurang rek menta remedial we.

Kahareupna kuring jangji rek bener-bener diajar, moal rek ngabeda-bedakeun mata pelajaran. Moal rek boga niat goreng oge, da geuning balesanana teh teu jaga-jaga teuing.

Cag.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Pondok : PAT Bahasa Arab"

Post a Comment

Terima kasih atas kunjungannya..